Kumpulan Ucapan Selamat Idul Fitri dalam Bahasa Sunda


Setiap Hari Raya Idul Fitri, salah satu hal yang biasa dilakukan adalah mengucapkan permintaan maaf kepada sanak kerabat. Kegiatan meminta maaf ini sebagai upaya diri untuk kembali suci setelah satu bulan melaksanakan ibadah puasa. Kita biasa meminta maaf kepada orangtua, kerabat, atau teman-teman dengan saling bersalaman secara langsung.

Namun jika mereka berada jauh dari kita, maka media penyampai pesan pun kerap digunakan. Kalau dulu masih musim menggunakan kartu lebaran untuk berkirim ucapan maaf. Namun, seiring perkembangan teknologi, kata-kata berisi ucapan maaf pun kini melalui aplikasi di smartphone, seperti via BlackBerry Messenger, WhatsApp, Twitter, atau kota pesan di Facebook.

Begitu pula, penyampaian kata-kata biasanya menggunakan rangkaian kata yang puitis dalam bahasa Indonesia. Namun, bagi Anda yang ingin menyampaikan kata-kata ucapan dalam bahasa Sunda, hal ini akan lebih terasa maknanya. Apalagi Anda mengirimkannya pada orang yang sama-sama mengerti bahasa Sunda. 

Ucapan maaf dalam bahasa Sunda ini merupakan pilihan kata yang lebih terasa merendahkan hati dan tentunya bukan kata-kata yang samanéa (sembarangan/asal). Ya, kata-kata ini sekaligus juga sebagai media bagi Anda yang ingin lebih mendalami dalam belajar bahasa Sunda. Berikut ini kami sajikan kata-kata berisi ucapan permintaan maaf saat momen Lebaran yang ditulis dalam bahasa Sunda. Selamat belajar bahasa Sunda:

---------------------------
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1437 H ieu, hayu urang sami-sami ngaberesihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, réka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran Siam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin.

Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri, mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri, wilujeng boboran Siam 1437 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Laligarna taraté dina talaga haté. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten cicirén lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran Siam 1437 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran Siam 1437 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Ngahaturakeun wilujeng boboram Siam 1 Syawal 1437 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi rido ngahapunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahé carék kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurud catang dirumpak, nyungkelit ati teu genah manah, mundut pangampura. Wilujeng boboran Siam 1437 H.

Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipilampah. Wilujeng boboran Siam 1437 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Siam 1437 H . Taqobalallahu minaa waminkum.
Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan. Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMS-an. Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Siam 1437 H.

Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh haté, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeung Boboran Siam 1437 H.

Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran Siam 1437 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.

Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam.

Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Wilujeng boboran Siam 1437 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam.

Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam.

Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.

Nyucruk laku sunnah Rasul, mapay lacak agama Islam, gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Siam 1437 H

Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nu antukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura ka papada jalma, panuhun sihapunten sadaya. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawarga, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Siam 1437 H.

Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum, taqobalahuyakarim.

Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih ubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1437 H ku kabungahan tur kaihlasan.

Ti lahir dugi ka batin. Pamundut nu kapihatur, ligar manah ku kaihlasan, tiasa ngalubarkeun, tina sanés kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur lampah lali nincak salah, neda sihapuntenna. Wilujeng boboran Siam 1437 H.

Wilujeng boboran Siam 1437 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.

Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran

Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, bréh bulan pangharepan geus lekasan poé fitri nembongan. Neda sihapunten

Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. haté sanubari meredih kedah silih bébaskeun, diri silih sucikeun, mudah-mudahan urang sadayana janten jalmi nu taqwa.

Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqoballhu minnawaminkum, taqobalahuyakariim.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kumpulan Ucapan Selamat Idul Fitri dalam Bahasa Sunda"

Posting Komentar